Huruf nun paeh jeung tanwin kabagi kana opat hukum,
karana ceuk koidah :
لِلنُّوْنِ اِنْ تَسْكُنْ وَلِلتَّنْوِيْنِ * اَرْبَعُ اَحْكَا مٍ فَخُذْ تَبْيِيْنِ
Hartosna
: Ari hukum nun paeh reujeung tanwin aya opat hukum
anu enggeus yakin.
Hukum idzhar, nyaeta hartina anu dibaca jelas/tegas, anu hurufna aya genep, tegesna dimana aya huruf enun paeh atawa tanwin anu nyanghareupan salasahijina huruf anu genep, mangka dibacana kudu dijelaskeun. Huruf anu genep teh diantarana : Hamzah) (ء, Ha (ه), ‘Ain(ع), Ghin(غ), ha(ح), Kho(خ)

Karana ceuk koidah :
فَالْاَوَّلُ الْاِظْهَارُ قَبْلَالْاَخْرُفِ*لِلْحَلْقِ سِتٌّ رُتِبَتْ فَلْتَعْرِفِ
Hartosna : Nu kahiji nyaeta izdhar ngarana, Huruf halaq
nu genep tangtu natratna.
هَمْزٌفَهَاءٌ ثُمَّ عَيْنٌ حَاءٌ * مُهْمَلَتَانِ ثُمَّ غِيْنٌ خَاءٌ
Hartosna : Hamzah jeung Ha ‘Ain jeung ha teu cecekan,
tambah dua Ghin Kha pada di cecekan.
Contona Hukum Idzhar :
Man Aamana (مَنْ اَمَنَ), Rosuulun Amiin (رَسُوْلٌ اَمِيْنٌ), ‘Anhu (عَنْهُ), Jeung saterusna.
Saeutik manehmah, padahal alus...
BalasHapusbisa dicek lanjutannya kak
Hapushttps://silviajulianti170799.blogspot.com/2016/05/hukum-nun-mati-dan-tanwin-2-idghom.html