Jumat, 13 Mei 2016

Ilmu Tajwid

Ilmu Tajwid nyaeta, hiji ilmu anu mere katangtu kana huruf – huruf  Al-Qur’an, anu diantarana sapertos makhorijul huruf, tarqiq jeung tafkhimna huruf, jeung sajabana ti eta.

Al-qur’an teh anu kaasup kana salahsahiji “Kalam Ilahy” anu samistina di baca ku urang sadayana anu ngaku muslim, kalayan dibaca sacara tartib jeung sopan.

Sateuacan maca Al-Qur’an, tinangtu kudu neuleuman heula kana ilmu tajwidna, sarta pikeun ngamalkeun kana “Tajwidul Qur’an” ceuk hukum agamana wajib aen ka sakabeh Muslimin.
Sakumaha pidawuh Alloh anu hartosna :

“Jeung maneh (Muhammad) kudu maca tartil kana Qur’an, kalayan anu satartil-tartilna maca “ (Q.S. Al-Muzamil ayat 4)

Kusabab eta pikeun kaum muslimin kapastian dina enggoning ngunikeun jeung ngucapkeun huruf – huruf Al-Qur’an anu suci kudu diusahakeun supaya Fashih, anu Fashihna sacara Kangjeng Rosululloh SAW. Sabab ku Kangkeng tos digambarkeun dina hadis anu hartosna:

“Loba Kacida anu maca kana Qur’an, ngan hanyakal Qur’an ngala’nat kamanehna” 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar