Jumat, 20 Mei 2016

Hukum Nun Mati dan Tanwin (2. Idghom )

Hukum Idghom, nyaeta hartina maca kungasupkeun huruf enun paeh atawa tanwin kana huruf anu aya dihareupeunnana, nyaeta salasahiji huruf idghom anu genep, tegesna dimana aya tanwin atawa enun paeh anu nyanghareupan huruf idghom eta, mangka macana kudu di idgomkeun (diasupkeun), sora tanwin atawa enun paeh sina jadi sora huruf anu aya dihareupeunnana eta.

Karana ceuk koidah :
وَالثَّانِي اِدْغَامٌ بِسِتَّةٍ اَتَتْ * فِي يَرْمَلُوْنَ عِنْدَ هُمْ قَدْثَبَتَتْ
“Watsaani idghomun bisittatin atat * Fiiyarmaluuna ‘ingdaHum QodTsabatat”

Hartosna : nu kadua nyaeta idghom ngaranna * dina lafadz YARMALUNA nu kumpulna.

Jadi huruf idghom teh aya genep, sarta anu dikumpulkeunnana dina kalimah “YARMALUNA” (يَرْمَلُوْنَ).

Tapi hukum idghom teh kabagi kana dua bagian, nyaeta : 1. Idghom bighunah, 2. Idghom Bilaghunah

Karana ceuk koidah :
لَكِنَّهَاقِسْمٌ يُدْغَمَا فِيْهِ بِغُنَّةٍ بِيَنْمُوْعُلِمَا
Hartosna : Tapi idghom kabagi dua bagian idghom sarta gunnah YANMU sabagian

اِلَّااِذَاكَانَ بِكِلْمَةٍفَلَا*تُدْغِمْ كَدُنْيَاثُمَّ صِنْوَانٍ تَلَا
“illaa idzaakaana bikilmatin falaa tud ghim kadunyaa tsumma shinwaanintalaa”
Hartosna : “Anging idghom anu dina sakalimah saperti dunya sinwanun eta ulah”

Jadi ngaran idghom bighunah teh nyaeta dimana tanwin atawa enun paeh nyanghareupan salasahijina huruf anu opat nu dikumpulkeun dina lafadz YANMU tea, tah eta enun paeh atawa tanwin kudu dibaca idghom sarta make ghunah, sarta dina unina ghunah ulah kurang tina dua harkat, malah leuwih alus aya leuwihna tina dua harkat. Tapi lamun idghom eta tanwin atawa enun paeh nyanghareupannana salasahijina huruf anu opat dina sakalimah maka dibacana ulah di idghomkeun.

Conto : Dun yaa (دُنْيَا), Shinwaanun(صِنْوَانٌ), Bunyaanun(بُنْيَانٌ), Qinwaanun(قِنْوَانٌ)
Ari anu kadua nyaeta anu disebut idghom bilaghunah, anu hurufna aya dua : 1. Raa (ر), 2. Lam (ل)

Karana Ceuk Koidah:
وَالثَّانِي اِدْغَامٌ بِغَيْرِغُنَّةٍ * فِي الَّلامِ وَالرِّرَنَّهُ
Hartosna : Nu kadua idghom heunteu make ghunah dina huruf elam jeung ra sing merenah

Conto – conto :
a.      Idghom Bighunah : Man Yaquulu (مَنْ يَقُوْلُ)
Dibaca : Mayyaquulu (مَنْ يَّقُوْلُ)
Hudan Mirrabbihim (هُدًى مِنْ رَبِّهِمْ)
Dibaca : Hudammirrabihim (هُدًى مِنْ رَّبِّهِمْ)

b.      Idghom Bilaghunah : Yubayyin Lanaa (يُبَيِّنْ لَنَا)
Dibaca : Yubayyillanaa (يُبَيِّنْ لَنَا)
Min Rabbihim (مِنْ رَبِّهِمْ)
Dibaca : Mirrabbihim (مِنْ رَّبِّهِمْ)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar