Sabtu, 14 Mei 2016

Hukum Huruf Nun Mati dan Tanwin ( 1. Idzhar )

 Huruf nun paeh jeung tanwin kabagi kana opat hukum, karana ceuk koidah :

لِلنُّوْنِ اِنْ تَسْكُنْ وَلِلتَّنْوِيْنِ * اَرْبَعُ اَحْكَا مٍ فَخُذْ تَبْيِيْنِ

Hartosna : Ari hukum nun paeh reujeung tanwin aya opat hukum anu enggeus yakin.

Hukum idzhar, nyaeta hartina anu dibaca jelas/tegas, anu hurufna aya genep, tegesna dimana aya huruf enun paeh atawa tanwin anu nyanghareupan salasahijina huruf anu genep, mangka dibacana kudu dijelaskeun. Huruf anu genep teh diantarana : Hamzah) , Ha (ه), ‘Ain(ع), Ghin(غ), ha(ح), Kho(خ)
Karana ceuk koidah :

فَالْاَوَّلُ الْاِظْهَارُ قَبْلَالْاَخْرُفِ*لِلْحَلْقِ سِتٌّ رُتِبَتْ فَلْتَعْرِفِ

Hartosna : Nu kahiji nyaeta izdhar ngarana, Huruf halaq nu genep tangtu natratna.

هَمْزٌفَهَاءٌ ثُمَّ عَيْنٌ حَاءٌ * مُهْمَلَتَانِ ثُمَّ غِيْنٌ خَاءٌ

Hartosna : Hamzah jeung Ha ‘Ain jeung ha teu cecekan, tambah dua Ghin Kha pada di cecekan.
Contona Hukum Idzhar :
Man Aamana (مَنْ اَمَنَ), Rosuulun Amiin (رَسُوْلٌ اَمِيْنٌ), ‘Anhu (عَنْهُ), Jeung saterusna.


2 komentar:

  1. Saeutik manehmah, padahal alus...

    BalasHapus
    Balasan
    1. bisa dicek lanjutannya kak
      https://silviajulianti170799.blogspot.com/2016/05/hukum-nun-mati-dan-tanwin-2-idghom.html

      Hapus