Sabtu, 14 Mei 2016

Membaca Istiadah, Basmalah dan Surat

Dina maca Isti’adah, basmalah jeung surat, para ulama ngameunangkeun maca kana opat jalan :

1. Isti’adah basmalah jeung surat dibaca waqaf kabeh (Qath’ul Jami)
2. Isti’adah, dibaca waqaf, basmalah kana surat dibaca washal (Qath’ul Isti’adah, Washlul basmalah bissurah)
3. Isti’adah kana basmalah dibaca washal, sarta basmalah dibaca waqaf (Washlul Isti’adah bilbasmalah Faqath)
4. Isti’adah, basmalah jeung surat dibaca washal (Washlul Jami)

Tapi lamun maca kana basmalah anu aya diantara surat, mangka para Ulama Qura ngameunangkeun maca kana tilu jalan:

1. Akhir surah, basmalah jeung akhir basmalah dibaca waqaf (Qath’ul Jami)
2. Akhir surat dibaca waqaf, basmalah kana awal surat dibaca washal (Qath’ul akhir surat, Washlul basmalah bissurah)
3. Akhir Surah, basmalah kana awal surat dibaca washal (washlul Jami)

Sareung perlu dikanyahokeun, dimana akhir surat diwashalkeun kana basmalah bari basmalahna diwaqafkeun mangka para ulama heunteu ngaluyuan kana lampah kitu sabab bisi kalimah BASMALAH disangka tina sajumlahan surat – surat Al-Qur’an.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar