Sabtu, 21 Mei 2016

Hukum Nun Mati dan Tanwin ( 3. Iqlab )

Hukum Iqlab, nyaeta nukerkeun sora enun paeh atawa tanwin kana huruf ba (ب), bari make sora jero irung (khaisyum), anu ukuranna dua harkateun, rek dina kaayaan sakalimah atawa dua kalimah.
Karana ceuk koidah :
وَالثَّالِثُ الْاِقْلَابُ عِنْدَالْبَاءِ * مِيْمًابِغُنَّةٍ مَعَ الْاِخْفَاءِ
“Watsaalitsu iqlaabu ‘ingdal baa i * miiman bighunnatin ma’al ikhfaa I”
Hartosna : “Nu katilu nyaeta iqlab ngarana * huruf baa kana emim sarta ghunnahna”
Contona :

Min ba’di (مِنْ بَعْدِ) dibaca Mimmba’di, Yanbitu lakum (يَنْبِتُ لَكُمْ) dibaca yammbitu lakum, ‘aliimun bimaa kaanuu(عَلِيْمٌ بِمَا كَانُوْا) dibaca ‘Alimummbimaa kaanuu, jst.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar