Jumat, 13 Mei 2016

Tata Cara Membaca Al-Qur'an

Tata Cara Maca Qur’an :

1. Leuwih tiheula kudu neuleuman “Ilmu Tajwid”, jeung tajwid eta gumantung kana opat rupa:
a. Nganyahokeun kana Makhorijul Huruf.
b. Nganyahokeun kana Shifatul Huruf.
c. Ngabyahokeun kana hukum – hukum anu mawa kana hadena bacaan.
d. Ngabiasakeun lisan kana maca Al-Qur’an , ku jalan ngalobakeun ngaderes.

2. Jalma anu maca Qur’an kudu nganyahokeun kana tilu rupa anu jadi rukun :
a. Nganyahokeun kana anu jadi sanad bacaan Qur’an anu dugi ka kangjeng rosul.
b. Nganyahokeun susunan Rosyam (tulisan) Usmany.
c. Nyaluyukeun bacaan Qur’an jeung qoidah – qoidah bahasa arab, sok sanajan ku cara anu sederhana.

3. Pikeun diajar maca Al-Qur’an aya dua cara :
a. Kucara babandung kuping ti lisan anu jadi guru bari henteu nuturkeun kana maca Qur’an dina satukangeunnana.
b. Ku cara maca Qur’an bari dihareupan ku hiji guru anu Mursyid (minterkeun)

Cara anu kahiji nyaeta cara anu sok diamalkeun ku ulama Mutaqodimin ( ulama baheula). Ari cara anu kadua, anu sok diamalkeun ku ulama Muta akhirin (Ulama Behdieu). Kalawan anu dua rupa ieu didasarkeun ku hadis Rosul, anu hartosna:



“Rosul ngadawuh ka sahabat Ubay bin Ka’ab, sabenerna Gusti Alloh geus merentahkeun ka kami kana macakeun Qur’an ka anjeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar