Jumat, 13 Mei 2016

Tingkatan Maca Qur’an.

Tingkatan maca Qur’an aya 5 :

1. Tartil, nyaeta maca qur’an anu anca (teu gancang) bari make tajwidna, sarta tadabur (nginget – nginget ) kana makna anu dibaca.

2. Tahqiq, nyaeta maca Qur’an anu anca, tapi henteu bari tadabur kana ma’na amu dibaca.

3. Tadwir, nyaeta maca Qur’an bari make tajwid sarta macana henteu anca henteu gancang, tegesna pertengahan antara anca jeung gancang.

4. Hadar, nyaeta maca Qur’an bari make ilmu tajwid sarta dibaca gancang.

5. Hadromah, nyaeta maca Qur’an anu gancang bari henteu make ilmu tajwid.

Maca Qur’an anu nomor ka 5 ieu, maca Qur’an anu ka asup haram hukumna.

Aya maca Qur’an anu disebut “ Zamzamah”, nyaeta maca Qur’an dijero hate bari beres ilmu tajwidna.

Catetan :

- Para ulama tos nyarioskeun, ngamalkeun kana ilmu tajwid ka asup Fardhu/wajib, anu samistina dilakukeun ku saban jalma muslim anu mihareup maca kana Qur’an

- Gusti Alloh parantos ngalungsurkeun Qur’an sareng tajwidna, sapertos dina Al-qur’an diuningakeun anu hartosna:

“Jeung kami geus nartilkeun kana Qur’an kalayan anu satartil-tartilna”

Anu disebat “tartil”, pidawuh saidina Ali mah nyaeta:

“ngaran tartil teh nyaeta, ngagindingan huruf Qur’an jenung nganyahokeun waqaf-waqaf kalimah”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar