Syarat Sholat di Qosor ada 7 :
1. Kabuktian itu Jalma lelempangan dina 2 pamondokan
(terbukti perjalanan sampai membutuhkan 2 penginapan)
2. Lelempanganna nu dimeunangkeun (perjalanan yang dibolehkan)
3. Nyaho kana meunangna Qosor(mengetahui pada bolehnya melaksanakan Qosor)
4. Nganiatan Qosor dina takbirotul Ikhrom ( berniat Qosor pada saat takbirotul Ikhrom)
5. Sholatna anu 4 Roka’at ( sholat yang boleh di Qosor hanya Sholat yang berjumlah 4 roka’at)
6. Ulah ngamakmum itu Jalma anu bade sholat Qosor ka jalma anu nyampurnakeun dina 1 juz sholatna itu jalma ( jangan menjadi makmum jika ingin meng-Qosor kepada seseorang yang ingin melaksanakan sholat sempurna)
7. Langgengna lelempangan (henteu balik deui ka lembur asal) , ( langgeng nya perjalanan yaitu tidak kembali lagi pada kampung asal)
Mengaji berbagai ilmu keagamaan :) yuk sharing pengetahuan mu, e-mail aja ke : juliantynjell@gmail.com
Sabtu, 04 Juni 2016
Pengharaman Wanita Haid
Pangharaman Jalma Haid aya 10
1. Sholat
2. Thowaf
3. Nyabak Mashab (tulisan arab)
4. Mawa Mashab
5. Cicing dijero masjid
6. Maca Qur’an
7. Puasa
8. Di Talaq
9. Ngaliwat dijero masjid (upami sieun kana ucrat-acret na geutih)
10. Dialap suka
Hapunten upami aya nu benten, tapi upami dicermati zaman baheula benteun sareng zaman ayeuna, tapi mun leuwih sae kangge jalmi nu haid ngajauhan kana pangharaman anu 10 ieu.

sumber = Safinah
Sabtu, 21 Mei 2016
Hukum Nun Mati dan Tanwin ( 4. Ikhfa )
Hukum Ikhfa, nyaeta nyamarkeun
sora huruf enun paeh atawa tanwin dina jero irung (khaisyum), dimana
nyanghareupan huruf anu lima belas, anu salian ti huruf dina hokum-hukum
Idzhar, idghom, jeung iqlab.
Karana ceuk koidah :
وَالرَّابِعُ الْاِخْفَاءُ عِنْدَالْفَاضِلِ * مِنَ الْحُرُوْفِ وَا
جِبٌ لِلْفَا ضِلِ
“warroobi’ul ikhfa u ‘ingdal Fadlili * minal huruufi waajibun
lilfadlili”
Hartosna : “ nu kaopat nyaeta ikhfa
ngaranna * tina huruf – huruf nu wajib punjulna”
فِى خَمْسَةٍ مِنْ بَعْدِ عَشْرِرَمْزُهَا * فِى كِلْمِ
هَذَاالْبَيْتِ قَدْ ضَمَنْتُهَا
“fii khomsatin mimba’di ‘asyri
romzuHaa * fii kilmi Haadzalbayiti qod dlomantuHaa”
Hartosna :” lima belas dina huruf
sampurna * anu dina kawit nadom pakumpulna”
صِفْ ذَا ثَنَا كَمْ جَا دَشَخْصٌ قَدْ سَمَا * دُمْ طَيِّبًازِدْفِى
تُقَى ضَعْ ظَالِمًا
“shifdzaatsanaa kam jaadasyakhshun
qodsamaa*dum thoyyiban zidfituqoo dlo’dzolimaa”
Hartosna :”sho, dzal, tsa, kaf, jim,
syin, qof, sin dalapanna * dal, tho, zay, fa, ta, dlod, dho lima belasna”
Conto :
Unshurnaa (اُنْصُرْنَا) dibaca ungshurnaa(اُنْصُرْنَا), Qauman
shaalihin (قَوْمًاصَالِحِيْنَ) dibaca Qaumang shaalihin, dst.
Jeung sora ngunikeun ikhfana ulah
kurang tina ukuran dua harkateun ( sa alif)
Hukum Nun Mati dan Tanwin ( 3. Iqlab )
Hukum Iqlab, nyaeta nukerkeun sora enun paeh atawa tanwin kana huruf ba (ب), bari
make sora jero irung (khaisyum), anu ukuranna dua harkateun, rek dina kaayaan
sakalimah atawa dua kalimah.
Karana
ceuk koidah :
وَالثَّالِثُ الْاِقْلَابُ عِنْدَالْبَاءِ * مِيْمًابِغُنَّةٍ مَعَ
الْاِخْفَاءِ
“Watsaalitsu
iqlaabu ‘ingdal baa i * miiman bighunnatin ma’al ikhfaa I”
Hartosna
: “Nu katilu nyaeta iqlab ngarana * huruf baa kana emim sarta ghunnahna”
Contona
:
Min
ba’di (مِنْ بَعْدِ) dibaca Mimmba’di, Yanbitu lakum (يَنْبِتُ
لَكُمْ) dibaca yammbitu lakum,
‘aliimun bimaa kaanuu(عَلِيْمٌ بِمَا كَانُوْا) dibaca ‘Alimummbimaa kaanuu, jst.
Jumat, 20 Mei 2016
Hukum Nun Mati dan Tanwin (2. Idghom )
Hukum Idghom, nyaeta hartina maca kungasupkeun huruf enun paeh atawa
tanwin kana huruf anu aya dihareupeunnana, nyaeta salasahiji huruf idghom anu
genep, tegesna dimana aya tanwin atawa enun paeh anu nyanghareupan huruf idghom
eta, mangka macana kudu di idgomkeun (diasupkeun), sora tanwin atawa enun paeh
sina jadi sora huruf anu aya dihareupeunnana eta.
Karana ceuk koidah :
وَالثَّانِي اِدْغَامٌ بِسِتَّةٍ اَتَتْ * فِي يَرْمَلُوْنَ عِنْدَ
هُمْ قَدْثَبَتَتْ
“Watsaani idghomun bisittatin atat *
Fiiyarmaluuna ‘ingdaHum QodTsabatat”
Hartosna : nu kadua nyaeta idghom ngaranna * dina lafadz YARMALUNA nu
kumpulna.
Jadi huruf idghom teh aya genep, sarta anu dikumpulkeunnana dina kalimah
“YARMALUNA” (يَرْمَلُوْنَ).
Tapi hukum idghom teh kabagi kana dua bagian, nyaeta : 1. Idghom bighunah,
2. Idghom Bilaghunah
Karana ceuk koidah :
لَكِنَّهَاقِسْمٌ يُدْغَمَا فِيْهِ بِغُنَّةٍ
بِيَنْمُوْعُلِمَا
Hartosna : Tapi idghom kabagi dua bagian idghom sarta gunnah YANMU sabagian
اِلَّااِذَاكَانَ بِكِلْمَةٍفَلَا*تُدْغِمْ
كَدُنْيَاثُمَّ صِنْوَانٍ تَلَا
“illaa idzaakaana bikilmatin falaa tud ghim kadunyaa tsumma
shinwaanintalaa”
Hartosna : “Anging idghom anu dina sakalimah saperti dunya sinwanun eta
ulah”
Jadi ngaran idghom bighunah teh nyaeta dimana tanwin atawa enun paeh
nyanghareupan salasahijina huruf anu opat nu dikumpulkeun dina lafadz YANMU
tea, tah eta enun paeh atawa tanwin kudu dibaca idghom sarta make ghunah, sarta
dina unina ghunah ulah kurang tina dua harkat, malah leuwih alus aya leuwihna
tina dua harkat. Tapi lamun idghom eta tanwin atawa enun paeh nyanghareupannana
salasahijina huruf anu opat dina sakalimah maka dibacana ulah di idghomkeun.
Conto : Dun yaa (دُنْيَا), Shinwaanun(صِنْوَانٌ), Bunyaanun(بُنْيَانٌ), Qinwaanun(قِنْوَانٌ)
Ari anu kadua nyaeta anu disebut idghom bilaghunah, anu hurufna aya dua :
1. Raa (ر), 2. Lam (ل)
Karana Ceuk Koidah:
وَالثَّانِي اِدْغَامٌ بِغَيْرِغُنَّةٍ * فِي
الَّلامِ وَالرِّرَنَّهُ
Hartosna : Nu kadua idghom heunteu make ghunah dina huruf elam jeung ra
sing merenah
Conto – conto :
a. Idghom Bighunah : Man Yaquulu (مَنْ يَقُوْلُ)
Dibaca : Mayyaquulu (مَنْ يَّقُوْلُ)
Hudan Mirrabbihim (هُدًى مِنْ رَبِّهِمْ)
Dibaca : Hudammirrabihim (هُدًى مِنْ رَّبِّهِمْ)
b. Idghom Bilaghunah : Yubayyin Lanaa (يُبَيِّنْ لَنَا)
Dibaca : Yubayyillanaa (يُبَيِّنْ لَنَا)
Min Rabbihim (مِنْ رَبِّهِمْ)
Dibaca : Mirrabbihim (مِنْ رَّبِّهِمْ)
Rabu, 18 Mei 2016
Syarat Sah Bersuci
Syarat Sah Wudhu/bersuci ada 10 :
- Beragama Islam, Orang selain islam boleh berwudhu ataupun bersuci, akan tetapi bersuci tersebut tidak sah.
- Tamyiz, yaitu bias membedakan mana yang baik dan mana yang buruk.
- Bersih dari haid ataupun nifas, wanita yang sedang haid ataupun nifas boleh berwudhu maupun mandi besar akan tetapi bersuci tersebut tidak sah.
- Tidak ada yang menghalangi kulit untuk terkena oleh air, seperti ada minyak yang keras di kulit, malam ataupun hampas pacar (bukan bekas) maupun kitek.
- Jangan terbukti jika air yang digunakan berubah, baik warna ataupun baunya.
- Orang yang berwudhu harus mengetahui Fardhu Wudhu
- Jangan bertekad pada kefardhuan wudhu bahwa kefardhuan itu adalah sunat, misalnya bertekad bahwa mengusap kepala adalah sunat.
- Air yang digunakan harus air suci.
- Harus masuk waktu, misalnya jika ingin sholat maka harus wudhu, dsb. Namun sebenarnya kita bisa berwudhu kapanpun.
- Harus terus-terusan, maksudnya jika kita batal wudhu saat sesudah sholat magrib maka harus berwudhu lagi, ataupun kita tidak batal tapi baiknya kita berwudhu lagi meskipun itu tidak dianjurkan.
Fardhu Wudhu, Pengertian Niat dan Tertib
Fardhu Wudhu ada 6
- Niat
- Membasuh Muka
- Membasuh kedua tangan sampai siku
- Membasuh sesuatu di kepala ( misalnya rambut, namun untuk yang tidak memiliki rambut langsung pada kepala)
- Membasuh kedua kaki sampai mata kaki
- Tertib.
Yang namanya niat adalah bermaksud melakukan sesuatu sambil melakukan apa yang dimaksud tersebut, dan tempatnya niat adalah di dalam hati, dan mengucapkannya adalah sunat, dan waktunya untuk niat adalah pertamanya kita membasuh sesuatu pada wajah (niat saat berwudhu).
Dan yang namanya tartib adalah jangan mendahului pada anggota yang terakhir dan jangan mengakhiri pada anggota yang lebih awal. Ke enam fardhu wudhu tersebut harus dilakukan secara berurutan.
Rukun Islam dan Rukun Iman
Ari pirang – pirang rukun islam eta aya 5,
- Nyaksi kana saestuna kalakuan sareung tingkah teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging Alloh, sareng saestuna kanjeung Nabi Muhammad Saw utusan Alloh
- Ngadeugkeun sholat
- Ngaluarkeun zakat
- Shaum (puasa) di bulan Ramadhan
- Munggah Haji kabaitulloh ka jalma anu kawasa dijalanna.
Ari pirang –pirang rukun Iman eta aya 6:
- Kudu ngimankeun anjen ka Alloh
- Ka pirang –pirang malaikatna Alloh
- Ka pirang – pirang kitabna Alloh
- Ka pirang –pirang Rosul na Alloh
- Ka Poe Akhir ( Hari kiamat)
- Kana papasti, tegesna saena papasti sareung awonna papasti ( Qodo dan Qodar) eta tetep ti Alloh Ta’ala.
Ari ma’na na Lafadz لَا اِلَهَ اِلَّا الَّلهْ eta teu aya deui pangeran anu wajib diibadahan kalawan hak dina ayana anging Alloh.
Sabtu, 14 Mei 2016
Hukum Huruf Nun Mati dan Tanwin ( 1. Idzhar )
Huruf nun paeh jeung tanwin kabagi kana opat hukum,
karana ceuk koidah :
لِلنُّوْنِ اِنْ تَسْكُنْ وَلِلتَّنْوِيْنِ * اَرْبَعُ اَحْكَا مٍ فَخُذْ تَبْيِيْنِ
Hartosna
: Ari hukum nun paeh reujeung tanwin aya opat hukum
anu enggeus yakin.
Hukum idzhar, nyaeta hartina anu dibaca jelas/tegas, anu hurufna aya genep, tegesna dimana aya huruf enun paeh atawa tanwin anu nyanghareupan salasahijina huruf anu genep, mangka dibacana kudu dijelaskeun. Huruf anu genep teh diantarana : Hamzah) (ء, Ha (ه), ‘Ain(ع), Ghin(غ), ha(ح), Kho(خ)

فَالْاَوَّلُ الْاِظْهَارُ قَبْلَالْاَخْرُفِ*لِلْحَلْقِ سِتٌّ رُتِبَتْ فَلْتَعْرِفِ
Hartosna : Nu kahiji nyaeta izdhar ngarana, Huruf halaq
nu genep tangtu natratna.
هَمْزٌفَهَاءٌ ثُمَّ عَيْنٌ حَاءٌ * مُهْمَلَتَانِ ثُمَّ غِيْنٌ خَاءٌ
Hartosna : Hamzah jeung Ha ‘Ain jeung ha teu cecekan,
tambah dua Ghin Kha pada di cecekan.
Contona Hukum Idzhar :
Man Aamana (مَنْ اَمَنَ), Rosuulun Amiin (رَسُوْلٌ اَمِيْنٌ), ‘Anhu (عَنْهُ), Jeung saterusna.
Membaca Istiadah, Basmalah dan Surat
Dina maca Isti’adah, basmalah jeung surat, para ulama ngameunangkeun maca kana opat jalan :
1. Isti’adah basmalah jeung surat dibaca waqaf kabeh (Qath’ul Jami)
2. Isti’adah, dibaca waqaf, basmalah kana surat dibaca washal (Qath’ul Isti’adah, Washlul basmalah bissurah)
3. Isti’adah kana basmalah dibaca washal, sarta basmalah dibaca waqaf (Washlul Isti’adah bilbasmalah Faqath)
4. Isti’adah, basmalah jeung surat dibaca washal (Washlul Jami)
3. Isti’adah kana basmalah dibaca washal, sarta basmalah dibaca waqaf (Washlul Isti’adah bilbasmalah Faqath)
4. Isti’adah, basmalah jeung surat dibaca washal (Washlul Jami)
Tapi lamun maca kana basmalah anu aya diantara surat, mangka para Ulama Qura ngameunangkeun maca kana tilu jalan:
1. Akhir surah, basmalah jeung akhir basmalah dibaca waqaf (Qath’ul Jami)
2. Akhir surat dibaca waqaf, basmalah kana awal surat dibaca washal (Qath’ul akhir surat, Washlul basmalah bissurah)
3. Akhir Surah, basmalah kana awal surat dibaca washal (washlul Jami)
Sareung perlu dikanyahokeun, dimana akhir surat diwashalkeun kana basmalah bari basmalahna diwaqafkeun mangka para ulama heunteu ngaluyuan kana lampah kitu sabab bisi kalimah BASMALAH disangka tina sajumlahan surat – surat Al-Qur’an.
Fadhillah Membaca Al-Qur'an
Para ulama ngabagi Fadhilah maca Al-Qur’an kana dua rupa :
1. Maca Qur’an leuwih utama dibacakeun gancang (hadar), ulah anca, sarta qaol ieu alesanna aya dina hadist anu hartosna :
“ Sing saha bae jalma maca sahuruf tina kitab Alloh (Qur’an), mangka pikeun manehna meunang hiiji kahadean, jeung kahadean eta sarua eujeung sapuluh kahadean.
2. Maca Qur’an leuwih utama kucara anca (tartil) atawa ku pertengahan (tadwir), sabab anu dimaksud tina maca Qur’an nyaeta ngarti kanu dibaca. Jeung ngamalkeun maca kujalan anca (tenang) bias ngadorong kana maham/ngarti eusi Al-Qur’an. Saperti anu pernah dicarioskeun ku Imam Abu Hamid Al-Ghozaly, maca Qur’an kucara tartil sabenerna disunatkeun, sok sanajan bari henteu tadabur kana ma’na Qur’an anu dibaca.
Kesimpulan :
1. Maca qur’an bias ku jalan tartil/tahqiq atawa oge ku jalan Hadar, asal tumetep kana ilmu tajwidna.
2. Para Ulama qurro beda – beda dina enggoning meuraktekkeun maca qur’an ku ngitung kamampuhan pandangan/ijtihad masing – masing.
3. Lamun bae maca qur’an ku make jalan Hadar leuwih gampang/enteng pikeun karasana ku urang, mangka maca qur’an gancang eta, leuwih alus tibatan maca qur’an kujalan tahqiq (Anca)
Ngan lamun karaosna ku urang sami gampilna, sami babarina, diantara maca tarrtil sareng hadar, mangka leuwih hade dilakukeun maca anu tartil bae.

Jumat, 13 Mei 2016
Tingkatan Maca Qur’an.
Tingkatan maca Qur’an aya 5 :
1. Tartil, nyaeta maca qur’an anu anca (teu gancang) bari make tajwidna, sarta tadabur (nginget – nginget ) kana makna anu dibaca.
2. Tahqiq, nyaeta maca Qur’an anu anca, tapi henteu bari tadabur kana ma’na amu dibaca.
3. Tadwir, nyaeta maca Qur’an bari make tajwid sarta macana henteu anca henteu gancang, tegesna pertengahan antara anca jeung gancang.
4. Hadar, nyaeta maca Qur’an bari make ilmu tajwid sarta dibaca gancang.
5. Hadromah, nyaeta maca Qur’an anu gancang bari henteu make ilmu tajwid.
Maca Qur’an anu nomor ka 5 ieu, maca Qur’an anu ka asup haram hukumna.
Aya maca Qur’an anu disebut “ Zamzamah”, nyaeta maca Qur’an dijero hate bari beres ilmu tajwidna.
Catetan :
- Para ulama tos nyarioskeun, ngamalkeun kana ilmu tajwid ka asup Fardhu/wajib, anu samistina dilakukeun ku saban jalma muslim anu mihareup maca kana Qur’an
- Gusti Alloh parantos ngalungsurkeun Qur’an sareng tajwidna, sapertos dina Al-qur’an diuningakeun anu hartosna:
“Jeung kami geus nartilkeun kana Qur’an kalayan anu satartil-tartilna”
Anu disebat “tartil”, pidawuh saidina Ali mah nyaeta:
“ngaran tartil teh nyaeta, ngagindingan huruf Qur’an jenung nganyahokeun waqaf-waqaf kalimah”

Tata Cara Membaca Al-Qur'an
Tata Cara Maca Qur’an :
1. Leuwih tiheula kudu neuleuman “Ilmu Tajwid”, jeung tajwid eta gumantung kana opat rupa:
a. Nganyahokeun kana Makhorijul Huruf.
b. Nganyahokeun kana Shifatul Huruf.
c. Ngabyahokeun kana hukum – hukum anu mawa kana hadena bacaan.
d. Ngabiasakeun lisan kana maca Al-Qur’an , ku jalan ngalobakeun ngaderes.
2. Jalma anu maca Qur’an kudu nganyahokeun kana tilu rupa anu jadi rukun :
a. Nganyahokeun kana anu jadi sanad bacaan Qur’an anu dugi ka kangjeng rosul.
b. Nganyahokeun susunan Rosyam (tulisan) Usmany.
c. Nyaluyukeun bacaan Qur’an jeung qoidah – qoidah bahasa arab, sok sanajan ku cara anu sederhana.
3. Pikeun diajar maca Al-Qur’an aya dua cara :
a. Kucara babandung kuping ti lisan anu jadi guru bari henteu nuturkeun kana maca Qur’an dina satukangeunnana.
b. Ku cara maca Qur’an bari dihareupan ku hiji guru anu Mursyid (minterkeun)
Cara anu kahiji nyaeta cara anu sok diamalkeun ku ulama Mutaqodimin ( ulama baheula). Ari cara anu kadua, anu sok diamalkeun ku ulama Muta akhirin (Ulama Behdieu). Kalawan anu dua rupa ieu didasarkeun ku hadis Rosul, anu hartosna:
“Rosul ngadawuh ka sahabat Ubay bin Ka’ab, sabenerna Gusti Alloh geus merentahkeun ka kami kana macakeun Qur’an ka anjeun.

Ilmu Tajwid
Ilmu Tajwid nyaeta, hiji ilmu anu mere katangtu kana huruf – huruf Al-Qur’an, anu diantarana sapertos makhorijul
huruf, tarqiq jeung tafkhimna huruf, jeung sajabana ti eta.
Al-qur’an teh anu kaasup kana salahsahiji “Kalam Ilahy” anu samistina di
baca ku urang sadayana anu ngaku muslim, kalayan dibaca sacara tartib jeung
sopan.
Sateuacan maca Al-Qur’an, tinangtu kudu neuleuman heula kana ilmu tajwidna,
sarta pikeun ngamalkeun kana “Tajwidul Qur’an” ceuk hukum agamana wajib aen ka
sakabeh Muslimin.
Sakumaha pidawuh Alloh anu hartosna :
“Jeung maneh (Muhammad) kudu maca tartil kana Qur’an, kalayan anu
satartil-tartilna maca “ (Q.S. Al-Muzamil ayat 4)
Kusabab eta pikeun kaum muslimin kapastian dina enggoning ngunikeun jeung
ngucapkeun huruf – huruf Al-Qur’an anu suci kudu diusahakeun supaya Fashih, anu
Fashihna sacara Kangjeng Rosululloh SAW. Sabab ku Kangkeng tos digambarkeun
dina hadis anu hartosna:
“Loba Kacida anu maca kana Qur’an, ngan hanyakal Qur’an ngala’nat
kamanehna”
Makhorijul Huruf
Makhroj huruf nyaeta tempat kaluarna saban-saban huruf hijaiyah anu 28. Makhorijul huruf aya dina 17 tempat, sarta anu 17 aya dina 5 tempat.
Katartibannana Makhorijul huruf anu 5 :
1. Makhroj Jaufiyah, nyaeta sora huruf anu kaluar dina kolowong baham dina waktu ngucapkeun huruf, anu hurufna aya 3 Alif, Wau, Ya . Syaratna kudu disukunkeun
2. Makhroj Halqiyah, nyaeta sora huruf anu kaluar dina jero genggerong anu hurufna 6, sarta anu 6 aya dina 3 tempat.
a. Dina makhroj AQSHOL HALQY (puhu genggerong), anu hurufna aya 2 : Hamzah, Ha
b. Dina makhroj WASATHUL HALQY (tengah – tengah genggerong) anu hurufna aya 2 : ‘Ain, ha
c. Dina makhroj ADNAL HALQY ( tungtung genggerong) anu hurufna aya 2 : Ghin, Kho.
3. Makhroj Lisaniyah, nyaeta sora huruf anu kaluar dina sakitar letah, anu hurufna aya 18, sarta anu 18 aya dina 10 tempat
a. Dina Makhroj AQSHOL LISAN (puhu letah) bari nempel saeutik kana eulak-eulakan. Anu hurufna aya 1 : Qof
b. Dina makhroj AQSHOL LISAN BA’DA MAKHROJ QOF bari nempel kana lalangit, anu hurufna aya 1 : Kaf
c. Dina makhroj WASATHUL LISAN ( tengah – tengah letah ) bari nempel kana lalangit, anu hurufna aya 2 : Jim, Syin, Ya
d. Dina makhroj IHDA HAFATAYIL LISAN (salah sahiji sisi letah) rek belah katuhu atawa belah kenca bari nempel kana careham. Ngan ceuk ulama leuwih alus anu belah kenca, anu hurufna aya 1 : Dlod
e. Dina makhroj HAFATAYIL LISAN BA’DA MAKHROJ DLOD (sisi letah hareup), bari nempel kana gugusi hareup belah luhur. Hurufna aya 1 : lam
f. Dina makhroj THORFUL LISAN ( tungtung letah), bari nempel kana gugusi hareup belah luhur, anu hurufna aya 1 : Nun
g. Dina makhroj BAINA THORFUL LISAN (antara tungtung letah jeung tungtung dua huntu hareup belah luhur). Anu huruf na 3 : Zay, Shin, Shod.
h. Dina makhroj THORFUL LISAN WA ATHROFITSANAYAIN AL-ULYAIN ( tungtung letah jeung tungtung dua huntu hareup belah luhur), anu hurufna aya 3 : Zdo, Tsa, Dzal.
i. Dina makhroj ZHOHRUTHORFULLISAN (tungtung letah hareup), bari nempel kana puhu dua huntu hareup belah luhur, anu hurufna aya 3 : Ta, Tho, Dal
j. Dina makhroj THORFUL LISAN MA’A ZHOHRIHI ( tungtung lisan belah luar). Anu hurufna aya 1 : Ro.
4. Makhroj Safawiyah nyaeta sora huruf anu kaluar tina biwir dua, atawa oge sok disebut makhroj syafatain. Anu hurufna aya 4, sarta anu 4 aya dina 2 tempat.
a. Dina makhroj BATHIN SYAFATISSUFLA ( Jero biwir handap), bari nempel kana tungtung huntu dua hareup luhur. Hurufna aya 1 : Fa
b. Dina huruf BAINA SYAFATAIN (diantara biwir dua). Hurufna aya 3 : Wau, Ba, Mim.
Rangkuman Sifat – sifat
1. Huruf Hamzah ngabogaan 5 sifat : Jahar,syiddah, ishmat, infitah, istifal.
2. Huruf Ha ngabogaan 5 sifat : Hames, rokhwah, istifal, infitah, ishmat.
3. Huruf ‘Ain ngabogaan 5 sifat : jahar, tawasut, istifal, infitah, ishmat.
4. Huruf ha ngabogaan 5 sifat : Hames, rokhwah, istifal, infitah ishmat.
5. Huruf Ghin ngabogaan 5 sifat : jahar, isti’la, infitah, rokhwah, ishmat.
6. Huruf Kho ngabogaan 5 sifat ; Hames, Rokhwah, isti’la, infitah, ishmat.
7. Huruf Qof ngabogaan 6 sifat : jahar, syiddah, isti’la, qolqolah, ismat, infitah.
8. Huruf Kaf ngabogaan 5 sifat : hames, syiddah, istifal, infitah, ismath.
9. Huruf Jim ngabogaan 6 sifat : Jahar, syiddah, istifal, infitah, qolqolah, ishmat.
10. Huruf Syin ngabogaan 6 sifat : hames, rokhwah, istifal, infitah, ishmat, tafasyi.
11. Huruf Ya ngabogaan 5 sifat : Jahar, rokhwah, istifal, infitah, ishmat.
12. Huruf Dlod ngabogaan 6 sifat : jahar, rokhwah, infitah, istifal, ismat, istitholah.
13. Huruf Lam ngabogaan 6 sifat : jahar, tawasut, istifal, infitah, idzlaq, inchirof.
14. Huruf Nun ngabogaan 5 sifat : jahar, tawasut, istifal, infitah, idzlaq.
15. Huruf Ro ngabogaan 7 sifat ; jahar, tawasut, istifal, infitah, idzlaq, inchirof, takrir.
16. Huruf Tho ngabogaan 6 sifat : Jahar, syiddah, ithbaq, isti’la, qolqolah, ishmat.
17. Huruf Ta ngabogaan 5 sifat : hames, syiddah, infitah, isifal, ismath.
18. Huruf Dal ngabogaan 6 sifat : jahar, syiddah, qolqolah, infitah, istifal, ismath.
19. Huruf Shod ngabogaan 6 sifat : isti’la, itbaq, ishmat, shofir, hames, rokhwah.
20. Huruf Sin ngabogaan 6 sifat : Hames, rokhwah, istifal, infitah, ishmat, shofir.
21. Huruf Zay ngabogaan 5 sifat : Jahar, rokhwah, infitah, ishmat, shofir.
22. Huruf Zdo ngabogaan 5 sifat : jahar, ithbaq, isti’la, ishmat, rokhwah.
23. Huruf Dzal ngabogaan 5 sifat : jahar, rokhwah, istifal, infitah, ishmat.
24. Huruf Tsa ngabogaan 4 sifat : Hames, rokhwah, istifal, ismat.
25. Huruf Fa ngabogaan 5 sifat : Hames, rokhwah, istifal, infitah, idzlaq.
26. Huruf Wau ngabogaan 6 sifat : jahar, istifal, infitah, ishmat, rokhwah, layin.
27. Huruf Ba ngabogaan 6 sifat : jahar, qolqolah, syiddah, istifal, infitah, idzlaq
28. Huruf Mim ngabogaan 5 sifat : jahar, tawasuth, infitah, istifal, idzlaq.
29. Huruf Mad nyaeta Alif, Wau, Ya ngabogaan 5 sifat : jahar, rokhwah, istifal, infitah, ishmat.

Belajar Membaca Qur’an yang Baik dan Benar
Sifat huruf nyaeta ngucapken huruf - huruf bari make katangtuan ngaluarkeun tina makhrojna.
Sifat – sifat huruf aya 17 rupa, anu tartibna aya dihandap ieu :
Langganan:
Postingan (Atom)