Jumat, 13 Mei 2016

Belajar Membaca Qur’an yang Baik dan Benar


Diajar maca Qur’an nu Tartil!

Sateacanna ngajelasken tentang cara maca Qur’an anu tartil, saena urang sadayana terang kana sifat-sifat sareng makhorijul huruf.
Sifat huruf nyaeta ngucapken huruf - huruf bari make katangtuan ngaluarkeun tina makhrojna.
Sifat – sifat huruf aya 17 rupa, anu tartibna aya dihandap ieu :

1. Sifat Jahar : nyaeta nahanna jalan nafas dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 19: ‘Ain, Zdo, Mim, Wau, Zay, Nun, Qof, Alif, Ro, Hamzah, Dzal, Ya, Ghin, Dlod, Jim, Dal, Tho, Lam, Ba.

2. Sifat Rokhwah : nyaeta jalan sora anu lemah karena gumantung kana makhrojna. Anu hurufna aya 16 : ha, Kho, Dzal, Zay, Sin, Syin, Alif, Shod, Dlod, Zdo, Wau, Ghin, Fa, Ha, Ya, Sta.

3. Sifat Istifal : nyaeta tumurunna letah dina waktu ngucapken huruf. Anu hurufna aya 22: Ya, Sin, Kaf, Lam, Fa, ‘Ain, Zay, Tsa, Wau, Ro, Ta, Nun, Jim, Ba, ha, Syin, Dzal, Dal, Ha, Mim, Alif, Hamzah.

4. Sifat Infitah : nyaeta ngarenggangkeun letah jeung lalangit nepi kaluar angin dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 25 huruf: Alif, Ba, Ta, Tsa, Jim, ha, Kho, Dal, Dzal, Ro, Zay, Sin, Syin, ‘Ain, Ghin, Fa, Qof, Kaf, Lam, Mim, Nun, Wau, Ha, Hamzah, Ya.

5. Sifat Ismat : Nyaeta Kacarekna huruf dina ngadeug nyorangan anu hurufna aya 23: Alif, Ta, Tsa, Jim, ha, Kho, Dal, Dzal, Zay, Sin, Syin, Shod, Dlod, Tho, Zdo, ‘Ain, Ghin, Qof, Kaf, Wau, Ha, Hamzah, Ya.

6. Sifat Hames : nyaeta nafas gumelar dina waktu ngucapken huruf. Anu Hurufna aya 10: Fa, ha, Tsa, Ha, Syin, Kho, Shod, sin, Kaf, Ta.

7. Sifat Syiddah : Nyaeta nahan sora dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 8 : Hamzah, Jim, Dal, Qof, Tho, Ba, Kaf, Ta.

8. Sifat Baena Rokhwah Wa Syiddah : nyaeta sifat tawasut alias pertengahan antara sifat rokhwah jeung sifat syiddah. Anu hurufna aya 5 : ‘Ain, Nun, Lam, Mim, Ro

9. Sifat Isti’la : nyaeta naekeun lisan dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 7 : Kho, Shod, Dlod, Ghin, Tho, Qof, Zdo.

10. Sifat Itbaq : nungkebkeun lisan dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 4 : Shod, Dlod, Tho, Zdo.

11. Sifat Idzlaq : lancar gumelarna tungtung lisan dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 6 : Fa, Ro, Mim, Nun, Lam, Ba.

12. Sifat Shofir : nyaeta kaluarna sora anu ngaheos dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 3 : Shod, Zay, Shin.

13. Sifat Qolqolah : nyaeta sora anu timbul dina saba’da ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 5 : Qof, Tho, Ba, Jim, Dal.

14. Sifat Layin : nyaeta ngaluarkeun huruf bari leuleus liat dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 2 : Wau, Ya. Sarta anu sukun duanana tina saba’da baris Fatah.

15. Sifat Inchirof : nyaeta ngagilirna tungtung lisan tina saba’da ngucapkeun makhrojna. Anu hurufna aya 2 : Lam, Ro.

16. Sifat Tafasyi : nyaeta sumarambahna hawa angin dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 1 : Syin

17. Sifat Isthitolah : nyaeta gematna lisan ti mimiti sisi letah nepi ka tungtung dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 1 : Dlod.

18. Sifat Takrir : nyaeta letah anu osok ngageuteur dina waktu ngucapkeun huruf. Anu hurufna aya 1 : Ro.

1 komentar: